laras: madenda
-: wanoja
+: lalaki
[gelenyu]
–
Langit, langit nu kamari
ulah rék dianti-anti
pabeubeurang langit béngras narawangan
pasosoré nu teu kudu ditungguan
+
Seungit, seungitna malati
kembangna geus maruragan
diseuseupan ku bangbara tinghariung
dina dada sok asa ratug jajantung
–
Basa kamari geus méré ciri
poé isukan hujan cimata
poé ayeuna ku teu disangka
kembang angkeuhan aya nu ngala
+
Langit kamari geus ngahujanan
mangsa duaan dina rangkulan
ku teu disangka kembang kahayang
aya nu ngala sok ngabohongah
[gelenyu]