Januari 8, 2026

Bulan Nyeungseurikeun

Cipt. H. Dose Hudaya

Kunaon teu dijauhan
Godaan kalah dikeukeupan
Ngadon maén api
Ngarajut cinta nu pamali

Maén rasa jeung maén haté
Salingkuh karasa éndah
Pikiran kapoékan
Haté jiga kaparabunan

Rasa cinta anjeun
Rasa sayang anjeun
Ngaléor karebut
Cinta saliwat

Bulan nyeungseurikeun
Jiga nu mupuas kuring
Tinggal panon cireumbay
Ngan nyurudcud teu katahan

Bulan ulah ngaléos
Baturan kuring bagadang
Ngararasakeun kanyeri
Anu nyiksa ngahantem batin

Béré bongbolong
Béré awahan
Kumaha ngubaran
Peurihna haté

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Maaf isi teks tidak dapat disalin.