Laras: Pelog/Degung
Sanggian: Heri Suheryanto
Paguyuban pamirig tembang Sunda
ngiring jabung tumalapung
miara seni budaya
warisan karuhun Sunda
Paguyuban pamirig tembang Sunda
senés minton katiasa
paralun ngungkung ngalangkung
neda jembar pangaksami
sasieureun sabeunyeureun
ngiring aub ngolah seni
sangkan natrat salawasna
palias laas ku mangsa
ngaraketkeun duduluran
mageuhkeun silaturahmi
papada urang jeung urang
runtut raut sauyunan
2X