Laras: Madenda
Waktu kuring panggih jeung manéhna
haté leutik nyarita, aduh manisna
waktu kuring wawuh, aduh bagjana
haté nganteur manéhna, aduh éndahna
Babarengan sauyunan
silih asih saati mihéman
paheut jangji moal pukah deui
unggal saptu soré datang ka manéhna
Waktu kuring wakca ka manéhna
resmi ngajak tunangan, paheut micinta
ukur rangkul tresna pikeun jawabna
kuring reujeung manéhna, hiji saati
Waktu kuring panggih jeung manéhna
haté leutik nyarita, naon maksudna
waktu kuring wawuh, aduh dag-dig-dug
haté nganteur manéhna, aduh can puguh
Babarengan, sauyunan
silih asih saati ngahiji
saptu soré sok tagiwur haté
ngarep-ngarep datang, tandaning satia
Waktu kedal ucap ti manéhna
genah ku rasa bagja, aduh bungahna
cipanon kabungah, pikeun saksina
kuring nampa cintana henteu nyalahan