Januari 8, 2026

Badminton – Kanca Indihiyang

(Kacapi Jenaka – Kanca Indihiyang)

Badminton di mana-mana,
di kampung jeung di kota.
Badminton jeung suka-suka,
ngalipur manah brangta.

Dismés, bari ngajungjung,
dikap, rékét nyangigir,
dilob, apung-apungan,
békhén, ti beulah kénca

dismés, kana nét nyangsang,
dikap, bulu kok coplok,
dilob, kaluar aut,
kléin spel, ulin leutik kékétrékan

Mulangkeun rékét diatur,
tingkahna maju mundur,
latihan ngarih di dapur,
sareng ngagebug kasur,

Dismés, bari ngajungjung,
dikap, rékét nyangigir,
dilob, apung-apungan,
békhén, ti beulah kénca

Sangkok, kana nét nyangsang,
lengkok, ka handapeun nét,
téngkok, kok kana kenténg,
rangkok, kok disemés kana tarang.

Badminton téh kaulinan,
Nimbulkeun kaséhatan,
Sikep badan jeung pikiran,
guna keur pembangunan.

Dismés, bari ngajungjung,
dikap, rékét nyangigir,
dilob, apung-apungan,
békhén, ti beulah kénca.

Euweuh kok, ku bulu éntog,
rékét, panggebug kasur,
tempat, di kebon awi,
nétna, samping kebat tutumbuan.

Tinggalkan Balasan

Alamat email Anda tidak akan dipublikasikan. Ruas yang wajib ditandai *

Maaf isi teks tidak dapat disalin.